Asal ti Allah mulang ka Allah
Salira miang nedunan papasten Anjeunna
Estu kadar nu nganteur salira
Mulihna ka alam baqa'
Kalayan di jajap ku du'a
Sinareng ku kaikhlasan
Pileuleuyan .. pileuleuyan
Hujan .. ngaririncik
Marengan .. simpena peuting
Ras .. anjeun nu teu aya
Dipundut kunu kawasa
Kabayang .. babanyolanana
Ngalangkang .. tingkah polahna
Karaos pisan kanya'ahna
Asa mo aya gantina
Rasa kasono .. hese mapalerkeunana
Rasa asih jeung katineung
Moal rek sirna ku mangsa
Ngagulung na jero dada
Ukur keclakna cimata
Nu jadi tilam ka eling
Duh .. pileuleuyan
Duh gusti .. nu maha suci
Mugi anjeunna kalebet ..
Ahli surga nu sajati
Kiatkeun nu di kantunna
Tumarima kana kadar
Sing sabar reujeung tawekal
Pidu'a abdi nyarengan
Rasa kasono ..
hese mapalerkeunana
Rasa asih jeung katineung
Moal rek sirna ku mangsa
Ngagulung na jero dada
Ukur keclakna cimata
Nu jadi tilam ka eling
Duh .. pileuleuyan
Duh gusti .. nu maha suci
Mugi anjeunna kalebet ..
Ahli surga nu sajati
Kiatkeun nu di kantunna
Tumarima kana kadar
Sing sabar reujeung tawekal
Pidu'a abdi nyarengan