Kukupu teu apaleun
Ka warna jang jang sorangan
Tapi kabeh apal
Ku endah warna kukupu
Ngiplik
Diwaktu nyeungitan mangsa
Nya kitu diri anjeun teu apal teu sadar
Jeung embung boga rasa
Ieuh aing pang alusna
Ka luhur teu loba catur
Ka handap nitah walatra
Tapi mantena Allah
Ngaistimewakeun ka diri anjeun
Dipayuneun sang kholik
Gumujeng diangkir linggih
Sadrah tina papastian
Anjeun ridho kana takdir
Beurat teu meunang beurat
Sedih teu meunang sedih
Rang teugeurkeun
Dinten senen anu santen
Asa gelap salah wayah
Barangkeakan nu dikantun
La haulla innalillahi
Ku teu percaya neundeun kawaas
Ku kawih reujeung tembangna
Asa cikeneh sempal guyon
Can parat kawih sapada
Pa wilujeng mulih
Mugi bagja di alam baka