KURING LEUNGITEUN
Neneng Dinar
Leungiteun
Kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh
Dikamanakeun
Genclang herang Cikahuripan
Di leuwi Sipatahunan
Di reka na papantunan
Kiwari ngan kari ngaran
Leungiteun
Kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh
Dikamanakeun
Dongeng endah katumbiri
Taraje langit nu asri
Widadari turun mandi
Lumungsur ti kahyangan
Gusti rumaos diri gagabah
Ngadabah alam endah
Kagungan Gusti
Gusti kiwari gunung bulistir
Nu tinggal caah jeung banjir
Ampun Gusti...ampun
SALAM SIMPAY KATRESNA
SUNDA SALAWASNA
Leungiteun
Kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh
Dikamanakeun
Genclang herang Cikahuripan
Di leuwi Sipatahunan
Di reka na papantunan
Kiwari ngan kari ngaran
Leungiteun
Kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh
Dikamanakeun
Dongeng endah katumbiri
Taraje langit nu asri
Widadari turun mandi
Lumungsur ti kahyangan
Gusti rumaos diri gagabah
Ngagadabah alam endah
Kagungan Gusti
Gusti kiwari gunung bulistir
Nu tinggal caah jeung banjir
Ampun Gusti....ampun
HATUR NUHUN