PUPUH WIRANGRONG
Upload by Nenk Markonah
Mbredets Radio
*
**
***
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
*
Nagara jeung lemah cai
Perlu panjaring pangrojong
Ngamumule panyarungsum
Malar tetep jaya sakti
Nagara tetep merdika
Sampurna mukti wibawa
**
(Mangga tiasa ngageol sakedap)
SEKAR TANDAK
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela
**
Indonesia nu merdeka
Perlu pangrojong pangjaring
Pamumule nu sampurna
Pangraksa beurang jeung peuting
Jaya sakti
Pinareng unggah darajat
Kaagungan lemah cai
Perlu dijaga diruwat
==sakitu anu kapihatur==
*wilujeng nembang*