menu-iconlogo
huatong
huatong
লিরিক্স
রেকর্ডিং
Mening jomblo, mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo, mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo-olo

Mening keneh jomblo

Karna geus boga anu jadi conto

Nu gableg kabogoh

Otakna sok jadi bodo

Kahayang kabogohna

Sagala dicumponan

Teu nyadar diri

Manehna saukur diporotan

Indit ka bioskop unggal film anyar tayang

Duit sia beak demi kata "Makasih tayang"

Leuheung lamun boga kabogohna solehah

Ieu mah ngan nyieun dompet kosong ciga kopeah

Negara merdeka

Ti basa keur eta

Sia di jajah keneh

Musingkeun sarerea

Hayang ulin teu meunang

Da sagala dikekang

Hirup sia siga motor anu dikonci setang

Ku kabogoh sieunna geus ciga ningali macan

Ai ka kolot sorangan sok wani ngalawan

Hayang dikutuk jadi meja parasmanan

Siga mah sia keur orokna teu di adzanan

Mening jomblo, mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo, mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo-olo

Jadi jomblo mah moal loba nyeri hate

Teu ciga sia anu hirupna ngabatin wae

Bisa happy jeung seuri, tanpa sieun di nyenyeri

Hirup enjoy da bahagia mah teu kudu meuli

Jomblo peduli lingkungan

Teu kudu loba mandi

Unggal panggih kudu mandi

Lebar hambur hambur cai

Di lembur batur mah hayang nginum ge hese

Sia miceun cai ukur jang manggihan awewe

Jomblo lain berarti aing teu payu

Aing hayang bebas, teu kudu ngabaran tiap waktu

Deukeut jeung sasaha moal aya nu nyarek

Teu kudu nurut aturan ciga pagawe kahatex

Jadi jomblo mah jauh kana maksiat

Teu ciga sia anu mesumna tara kaliwat

Aing erek ngawiat ieu hiji kalimat

"Inget aing jeung saria teh bakal di jemput ku Malaikat"

Mening jomblo, mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo, mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo-olo

Emang sih cinta cenah mah buta

Tapi teu kudu kitu carana

Da lamun aing kudu ngalaman

Teu sudi teuing mending sorangan

Mening jomblo, mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo, mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo-olo

Mening jomblo, mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo, mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo-olo

asep balon থেকে আরও

সব দেখুনlogo