GANDRUNG GUNUNG
(Panambih laras Madenda)
Wilujeng Nembang
Gamparan kumaha damang
Abdi mah pangesto diri...duh
Abdi mah pangesto diri
Raga mah jagjag waringkas
Mung hate nuju prihatin duh Gusti...
Awit anu jadi margi
Gamparan sok ngabibingung...
Cacakan lamun gamparan..
Ka abdi...
Ka abdi teu udar jangji
Abdi lara..
Gamparan...duh abdi lara
Gamparan lantaran nana duh...
Gamparan lantaran nana...
Tetela pisan bohongna
Adat anu...
Adat anu ngambil ati
Kapan geus bukti pisan
Gamparan sok lanca linci duh...
Ku abdi ge geus ka judi
Yen manah gamparan palsu
Majar bade sayaktosna
Miasih...
Miasih ka diri abdi
Asih soteh...
Gamparan...duh asih soteh
Samemeh aya gentosna..duh
Samemeh aya gentosna...
Hatur nuhun