KA'ASIH INDUNG|EMKA9
Karya:Kang Deddy mulyadi
Cover musik:Aif prigara
Upload by:Ashakukachida
•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•
Indung lembur panineungan
Wasilah medal munggaran
Alam nyangga papasangan
Tangtu nu jadi ukuran
Ngampar lemah jajalanan..
Lampah hirup dilakonan
Ka'asih Indung marengan
Samping jangkung
Gelung jucung
Awak rengkung di sèbakeun
Sèsa umur di anteurkeun...
Ngaguru ku kabodoan
Ikhlas eusi kapinteran
Ciduh metu jajampèan
Ajeg lampah dilakonan
Lemah ngamparkeun kahèman
Nungtun laku ning kamelang
Panas Ajaran tibeurang
Ngaguru ka poèk peuting....
Susuci ku cai ibun
Pahing getih pahang tulang
Ayun ambing, ayun ambing
Ajeg tangtung, hirup nanjung...
•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•°•
Lampah hirup dilakonan
Ka'asih Indung marengan
Samping jangkung
Gelung jucung
Awak rengkung di sèbakeun
Sèsa umur di anteurkeun..
Samping kebat gogolèran
Endah rèma gugupayan
Sapanjang Indung marengan
Ajeg lampah kamulyaan
Lemah ngamparkeun kahèman
Nungtun laku ning kamelang
Panas Ajaran tibeurang
Ngaguru ka poèk peuting....
Susuci ku cai ibun
Pahing getih pahang tulang
Ayun ambing, ayun ambing
Ajeg tangtung, hi~~rup nanju~~~~ng...