RUMINGKANG
SANGGIAN : MANG ENGKOS
SALAM SIMPAY KATRESNA SUNDA SALAWASNA
2s Nansa 17
Sakiceup teuteup kadeudeuh
Asih taya nu dipamrih
Najan anggang tong hariwang
Anjeun mah teu kudu melang
Hayang tepung ti memeh jung
Bongan hate kapidangdung
Ngarakacak lir ngoceak aduh
Najan kuring keur tunggara
Anjeun tong milu nalangsa milu nalangsa
Seahna caah lamunan
Heubeul ngangkleungna aweuhan
SALAM SIMPAY KATRESNA SUNDA SALAWASNA
Saukur teuteup kadeudeuh
Handeueul kakeureut tineung
Lalungse liwung lalewang
Kumelendang kumalayang
Sungkan mangsa rek paanggang
Anggangna tina harepan
Hadena can kungsi tepung Duh ,
Kuring sering sedih kingkin
Nanging tetep mika eling mika eling
Panglipur jangji pasini
Gumati rek bela pati
HATUR NUHUN
2S Moed