Mega nu geneuk maleukmeuk
Jeung ku lawu ngawagu teu puguh laku
Hiliwir angin ti...lamping
Nambah kinkin sumarambah ka ieu diri
Japati oge lir suda hibeur
Tapi moal lali nepungan...jangjina
Sanajan kieu jadina..
Cinta urang papisah di tengah jalan
Teupi ka kieu buktina
Dedeuh urang ayeuna teu bisa manjang
Lain kahayang..lain kahayang
Diri tumarima..geus gurat kuduna
Mihape..ieu cinta..
ulah arek di..sapirakeun
Mihape..ieu..Tresna
Ulah arek di geugeuleuh..
Ngan ukur anjeun ..
Saukur anjeun..
Nu baris anteung dina lamunan
Sanajan anggang
Taya laksana
Diri tetep gumati
Ka..asih mimiti..
Sanajan kieu jadina
Cinta urang papisah di tengah jalan
Teupi ka kieu buktina
Dedeuh urang ayeuna teu bisa manjang
Lain kahayang..lain kahayang
Diri tumarima..geus gurat kuduna
Mihape..ieu cinta..
ulah arek di sapirakeun
Mihape..ieu..Tresna
Ulah arek di geugeuleuh..
Ngan ukur anjeun ..
Saukur anjeun..
Nu baris anteung dina lamunan
Sanajan anggang
Taya laksana
Diri tetep gumati
Ka..asih mimiti..