KILA-KILA
Voc : Silvi Risviani
Cipt : Agus Kapinis
Wanci kamari dor dar gelap tengah poe
Taya angin taya aleum pihujaneun
Aya naon bet asa kuharianeun
Boa boa ku inggis palias teuing
Duh ieu hate bet asa jadi saleumpang
Hate hariwang angen ratug tutunggulan
Aya naon bet asa ku karareu'eung
Kila kila teu jauh tina sangkaan
Asa ku di teungteuingeun
Asa hate digerihan
Anjeun tega nyieun fitnah duh teu sangka
Naha anjeun bisa nolak hiji karma
Asa na teu kudu kitu
Asa anjeun ulah kitu
Hate peurih ngagerih nandangan nyeri
Moal leungit sanajan katungtung pati
Duh ieu hate bet asa jadi salempang
Hate hariwang angen ratug tutunggulan
Aya naon bet asa ku karareu'eung
Kila kila teu jauh tina sangkaan
Asa ku di teungteuingeun
Asa hate digerihan
Anjeun tega nyieun fitnah duh teu sangka
Naha anjeun bisa nolak hiji karma
Asa na teu kudu kitu
Asa anjeun ulah kitu
Hate peurih ngagerih nandangan nyeri
Moal leungit sanajan katungtung pati
Asa na teu kudu kitu
Asal anjeun ulah kitu
Hate peurih nga gerih nandangan nyeri
Abdi Gusti neda kakiatan diri
HATUR NUHUN