Cinta kuring ka manehna
Anggang kahalang sagara
Deudeuh nyaah na salira
Mung saukur saliwatan
Nyeri peurih karasana
Cinta kuring di pungkas harita
Sagagang kembang lamunan
Kiwari geus ngarangrangan
Duh angin pang nepikeun
Ieu kuring keur nalangsa
Duh bentang pang bejakeun
Hate kuring ngalanglayung
Hanas diri mika cinta
Ka anjeun rek salawasna
Hanas diri mika Heman
Namplokeun rasa katresna
Tapi gening enjeun tega
Sulaya tina jangjina
Megatkeun tali kacinta
Nyerina kabina bina
Duuhh Enung ku teungteuingeun
Nyeri peurih karasana
Cinta kuring di pungkas harita
Sagagang kembang lamunan
Kiwari geus ngarangrangan
Duh angin pang nepikeun