Halimun JatiGede
Artis ; Hayati
Arr Musik : AJS PUTERA
1
2
3
Duh ampun paralun neneda kanu kawasa...
Amit kapara karuhun mugi ulah medal sila
Lemah cai pangbalikan ayeuna kari waasna
Gunung leutik tembong leuwi
Pajaratan geus teu katembong tunggulna
Na.. kamana.. leungit kamana...
Jati gede suka kersa pada jaya
Leuwi hideung kiwari jadi sagara
Lembur kuring lemah cai pangbalikan
Robah wujud jadi tapak pangwangunan
Lamping pasir cipaku jemah cibogo
Jati bungur ayeuna kari tapakna
Geus ka kubur pinuh ku rasa mokaha
Ganti rupa robah geus jadi sagara
Halimun di Jatigede...
Jadi saksi lembur nu pinuh cimata
Halimun di Jatigede...
Jadi ciri kiwari leber ku cai
Halimun di Jatigede...
Jadi saksi lembur nu pinuh cimata
Halimun di Jatigede...
Jadi ciri kiwari leber ku cai
#Antos Musik heula luurr Sabari Nguyup Cikopi#
1
2
3
Amit perang lengkah nu keur manggung
Lembut prabu guru aji putih
Nu keur nyungsi dinu sepi
Nu keur nyadak tumaninah duh ieung..
Neda agung.. nya hak sami
Amit ngahudang wayangkeun..
Amit ngahudang wayangkeun..
Jati gede suka kersa pada jaya
Leuwi hideung kiwari jadi sagara
Lembur kuring lemah cai pangbalikan
Robah wujud jadi tapak pangwangunan
Lamping pasir cipaku jemah cibogo
Jati bungur ayeuna kari tapakna
Geus ka kubur pinuh ku rasa mokaha
Ganti rupa robah geus jadi sagara
Halimun di Jatigede...
Jadi saksi lembur nu pinuh cimata
Halimun di Jatigede...
Jadi ciri kiwari leber ku cai
Halimun di Jatigede...
Jadi saksi lembur nu pinuh cimata
Halimun di Jatigede...
Jadi ciri kiwari leber ku cai