Lain sakali, anjeun teh
ngulang ngulang deui
Kasalahan sami,
meni neuteuli nganyenyeri
Haaaaaa haaaaaaa
Tega tegana, teu bosen bosen ngumbar ngumbar cinta
Taya puas puasna, luka liku ngagulkeun cinta
Lain sabaraneun,
lain dagoaneun
Asa buntu teu manggih jalan
keur kasaean
Saha nu ridhoeun eta
diduakeun ditilukeun
Hate kapanasan,
awak katirisan
Abi rela pasrah,
cape ngagugulung masalah
Hate geus karancang, teu kaubaran
Menit ieu Abi pamit,
narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait,
kaluhur langit...
Abi rela undur diri...
ngubur panghareupan nu suci...
Malidkeun rasa kanyeri, ...
nenangkeun ati.....
Kajeun asa beurat ngalengkah
Kajeun Abi can boga arah
Abi Buleud, Buleud, Buleud
Lepas ti anjeun...
Menit ieu Abi pamit,
narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait,
kaluhur langit...
Abi rela undur diri...
ngubur panghareupan nu suci...
Malidkeun rasa kanyeri ...
nenangkeun ati.....
Kajeun asa beurat ngalengkah
Kajeun Abi can boga arah
Abi Buleud, Buleud, Buleud
Lepas ti anjeun...