Hariwang nu geulis midangdam
Ka irut jajaka gandang
Getah ngeuclak
Kerbalangah mupus raray kasucian
Poek kunikmatna cinta
Mareungan cahya keur hibar
Pamikirna bakal rek satuhu jajaka
Nu dipicinta
Kutan nu jadi panutan
Ningalkeun taya laratan
Batrawali nya pait nya peuheur
Meulit ka batin nu geulis
Palangsiang nu dikandung
Teu dosa beut di tandasa
Poek kunikmatna cinta
Mareungan cahya keur hibar
Pamikirna bakal rek satuhu jajaka
Nu dipicinta
Kutan nu jadi panutan
Ningalkeun taya laratan
Batrawali nya pait nya peuheur
Meulit ka batin nu geulis
Palangsiang nu dikandung
Teu dosa beut di tandasa
Kutan nu jadi panutan
Ningalkeun taya laratan
Batrawali nya pait nya peuheur
Meulit ka batin nu geulis
Palangsiang nu dikandung
Teu dosa beut di tandasa