Mimitina iseng
Ku resep ngaheureuyan na
Geugeut ka geulisna
Gereget kana bodyna
Tina iseng kalah manteng
Tina heureuy asup kana hate
Tungtungna kuring bebeakan
Ngabelaan nganjuk ngahutang
Mahugi hayang kapake
Lindeuk lindeuk japati
Rek dicium mah hararese
Usaha anu can hasil
Kaburu beakeun modalna
Rek ngalamar teu boga duit
Kuring nu ngoleang
Manehna kabandang batur
Cinta nu kapakan
Hate kuring kakalayangan
Kahayang teu kahontal
Manehna kawin jeung batur
Hate anu peurih
Ceurik ceurik ku nalangsa
Duriat pageuh. Kahayang keukeuh
Ngalamun teu paruguh. Nunggu randana
Ngabelaan nganjuk ngahutang
Mahugi hayang kapake
Lindeuk lindeuk japati
Rek dicium mah hararese
Usaha anu can hasil
Kaburu beakeun modalna
Rek ngalamar teu boga duit
Kuring nu ngoleang
Manehna kabandang batur
Cinta nu kapakan
Hate kuring kakalayangan
Kahayang teu kahontal
Manehna kawin jeung batur
Hate anu peurih
Ceurik ceurik ku nalangsa
Duriat pageuh. Kahayang keukeuh
Ngalamun teu paruguh. Nunggu randana
Kuring nu ngoleang
Manehna kabandang batur
Cinta nu kapakan
Hate kuring kakalayangan
Kahayang teu kahontal
Manehna kawin jeung batur
Hate anu peurih
Ceurik ceurik ku nalangsa
Duriat pageuh. Kahayang keukeuh
Ngalamun teu paruguh. Nunggu randana