Galindeng Tresna
Nu Kedal Taun Kamari
Kiwari Bukti
Meungkeut Geugeut Jatukrami
Asri Malati
Nu Bodas Ngaruntuy Endah
Ngiring Geura
Kanu Nuju Midang Bingah
Ilang Karémpan
Datang Hareupan
Kembang Otél Waktos Apél
Ngabuah Janten Pangantén
Pileuleuyan
Lalagasan Pileuleuyan
Dinten Ieu Anjeuna
Rék Bébér Layar
Cingcin Asih di Réma Kiwa
Minda Tempat Ka Katuhu
Dangding Asih Kawit Léléwa
Pada Jangji Rék Satuhu
Cingcin Asih Dina Jariji
Nyelap Malah Nambih Éndah
Pasini Pareng Ngahiji
Omat Ulah Badé Pukah
Galindeng Tresna
Nu Kedal Taun Kamari
Kiwari Bukti
Meungkeut Geugeut Jatukrami
Asri Malati
Nu Bodas Ngaruntuy Éndah
Ngiring Geura
Kanu Nuju Midang Bingah
Ilang Karempan
Datang Hareupan
Kembang Otél Waktos Apél
Ngabuah Janten Pangantén
Pileuleuyan
Lalagasan Pileuleuyan
Dinten Iyeu Anjeuna
Rek Bébér Layar
Cingcin Asih di Réma Kiwa
Minda Tempat Ka Katuhu
Dangding Asih Kawit Léléwa
Pada Jangji Rék Satuhu
Cingcin Asih Dina Jariji
Nyelap Malah Nambih Éndah
Pasini Pareng Ngahiji
Omat Ulah Badé Pukah