Di basisir laut Palabuan Ratu
Di palebah batu ngampar Karang Hawu
Bari nyawang ka tengah lautan
Hate pinuh panghareupan
Di sarengan ku bebende di gigireun
Rema panangan,
silih cepang silih ranggeum
Hiliwir angin dalingding katresna
Mapaesan cinta urang
Patutur tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana Karang Hawu
Kadedeuh kanyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di Karang Hawu
Tempat wisata Palabuan Ratu
Ceuk dongeng cenah ceuk beja
Kantos sumping Ibu Ratu
Di Karang Hawu
Tempat anu endah
Nya didinya pisan
Maheutkeun janji pasini
Di Karang Hawu
Palabuan Ratu
Aya carita urang duaan
Teupikeneun katurunan
Di sarengan ku bebende di gigireun
Rema panangan,
silih cepang silih ranggeum
Hiliwir angin dalingding katresna
Mapaesan cinta urang
Patutur tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana Karang Hawu
Kadedeuh kanyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di Karang Hawu
Tempat wisata Palabuan Ratu
Ceuk dongeng cenah ceuk beja
Kantos sumping Ibu Ratu
Di Karang Hawu
Tempat anu endah
Nya didinya pisan
Maheutkeun janji pasini
Di Karang Hawu
Palabuan Ratu
Aya carita urang duaan
Teupikeneun katurunan