Itu langlayangan nu pegat kapakan
Di langit lenglang ngaboleang
Asih nu munggaran naha teu kapakan
Diri ngalayeung teu aya pamundangan
Naha asihna bet sirna
Deudeuhna lumpat kamana
Naha cintana bet lila
Kapakan duka teuing kamana
Salira ayeuna ayana di mana
Abdi leungiteun salira
Salira ayeuna ayana di mana
Ku teu sangka salira midua cinta
Salira midua cinta
Naha asihna bet sirna
Deudeuhna lumpat kamana
Naha cintana bet lila
Kapakan duka teuing kamana
Salira ayeuna ayana di mana
Abdi leungiteun salira
Salira ayeuna ayana di mana
Ku teu sangka salira midua cinta