=Mangandeuh keur daraunan
Regang na mah urang pitesan
Mikadeudeuh...mikadeudeuh mikaheman
Mun anggang mah geningan silih antosan
=Tangkal hanjuang jarangkung garing
Daun panjang cing arulang
Mikamelang..mikamelang bati bingung
Kahayang ulah paanggang
=Ti subang jalan ka lembang
Jalan tangkuban parahu
Paanggang mah paanggang dikantun mulang
Salira mah gening ulah rek bendu
=Bangbara ngudag nyiruan
Eunteup dina tangkal nona
Sanes kara kalakuan
Kedah jeung sabudarana
=Tibatan sae ngolebat
Sakayu mah didamel baju
Tibatan mah urang mun sabar
Pinasti mulus rahayu
=Papan kiara ditata
Dianggo mah tiang lomari
Mun bisa miara letah
Geus pasti salamet diri
=Puyuh ngungkung dina kurung
Disamberan ku dadali
Hirup rukun ulah bingung
Sing saluyu dina ati
=Kembang wera daun turi
Lain kembang kacapirng
Sing areling kana diri
Ulah kajongjoan teuing
=Markusa dina mumunggang
Dibeungkeutan awi tali
Rumasa ageung kahoyong
Anging gusti nu tingali
=Damar kurung damar gantung
Danar siang pamidangan
Hate muntang kanu agung
Sangkan ulah kajongjonan
=Rek ngala kuya di leuwi
Dek ngala mah simeut ka huma
Sing areling kana diri
Didunya seueur gogoda
=Cau lumut dina batu
Aya kuya di muara
Sing aremut kana waktu
Di dunya eukeur ngumbara
=Itu saha nungtun munding
Digantelan sapu tangan
Itu saha ginding teuing
Singhoreng rencang sorangan
=Malela di anggo palang
Di anggo mah pager jayanti
Rek bela ulah kapalang
Urang silih beuli ati
=Mega mendung surya surup
Teu samar yen gara gara
Neda agung na tawaqup
Jembar ka bangsa seni
=Kembang kopo kembang kopi
Kembang kalayar di sepuh
Ulah poho kana diri
Sing inget kana wiwitan
=Jayanti di sisi huma
Sakebon jeung kacang tanah
Abdi mah sagala tuna
Nu tangtos moal kamana
=Kembang wera daun turi
Hayang leuleuweungan bae
Sing areling kana diri
Ulah ka jongjonan bae
HATUR NUHUN