Kedalna asih
Na bulan pinuh mamanis
Hiji jangji pasini
na rasaning wanci
Mangsa samoja, jongjon kembangan
Duh eulis langit lenglang
Angin rintih dina ati, aduh....
Lalakon lawas
Na bulan pinuh katineung
Aya jangji pasini
Nu hentu ngajadi
Mangsa samoja
Geus ngarangrangan
Duh ieung, langit angkeub
samagaha dina ati aduh
Ayeuna kantun waasna jungjunan
Lalakon katukang diteang
Ngan ku ciptaan
Kamari nu pamit, kamari nu pamit
Datang deui na kalangkang
Ayeuna tinggal ngangresna jungjunan
Lalakon nu pegat
disambung ngan ku ciptaan
Kamari nu leungit, kamari leungit
Rek lebeng mo deui datang
Kedalna asih
na bulan pinuh mamanis
Hiji jangji pasini
na rasaning ning wanci
Mangsa samoja, jongjon kembangan
Duh eulis langit lenglang
Angin rintih dina ati, aduh....
Lalakon lawas
Na bulan pinuh katineung
Aya jangji pasini
Nu hentu ngajadi
Mangsa samoja
Geus ngarangrangan
Duh ieung, langit angkeub
samagaha dina ati aduh
Ayeuna kantun waasna jungjunan
Lalakon katukang diteang
Ngan ku ciptaan
Kamari nu pamit, kamari nu pamit
Datang deui na kalangkang
Ayeuna tinggal ngangresna jungjunan
Lalakon nu pegat
disambung ngan ku ciptaan
Kamari nu leungit, kamari leungit
Rek lebeng mo deui datang