Mugia Kahibur
Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawangwang
Nu dipigandrung
Eh ngawangwang Nu dipigandrung Ieung
Harendong meupeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nu kapitineung
Eh rongheap nu kapitineung ieung
Surya surup layung hibar
Katanjakan sawangan diumbar
Geus ngolebat ieuh..
Samar samar Hariring asihna
kapireng leosna
Angin tiis ti mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman kaheman
Saranggeuy malati
Interlude
Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawangwang
Nu dipigandrung
Eh ngawangwang Nu dipigandrung Ieung
Harendong meupeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nu kapitineung
Eh rongheap nu kapitineung ieung
Surya surup layung hibar
Katanjakan sawangan diumbar
Geus ngolebat ieuh..
Samar samar Hariring asihna
kapireng leosna
Angin tiis ti mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman kaheman
Saranggeuy malati
Hatur Nuhun