menu-iconlogo
huatong
huatong
avatar

Peurih Akustik

Nazmi Nadiahuatong
quiltmaker03huatong
Lyrics
Recordings
Jalan pikir urang geus teu sahaluan

Katresna kapeungkas ku cinta nu lian

Endah carita katukang

Teu jadi beungberat rasa kasalira

Bentang nu sasarina weleh nyarengan

Kiwari ilang cahyana lir nonggongan

Geuningan kieu buktina

Anjeun nyidraan jangjina

Lamun rek kieu ahirna na kunaon

Harita beut kedal cinta

Cekap kapeurihna

Urang taya guratan jodona

Kadeudeuh kaasih kiwari dipulang peurih

Anjeun tega tur milih anjeuna

Harepan nu urang tuh ahirna teu kasorang

Anjeun jalir duh jungjunan

Meulit na emutan betah na lamunan

Duriat urang nu kedah pepegatan

Kembang cinta urang

Gedag kaanginan musnah ilang

Nampi abdi Gusti najan peurih ati

Dalah kumaha ieu nu jadi putusan

Jodo jeung maotna

Bungah jeung sedih na

Wenang ti mantena

Bentang nu sasarina weleh nyarengan

Kiwari ilang cahyana lir nonggongan

Geuningan kieu buktina

Anjeun nyidraan jangjina

Lamun rek kieu ahirna na kunaon

Harita beut kedal cinta

Cekap kapeurihna

Urang taya guratan jodona

Kadeudeuh kaasih kiwari dipulang peurih

Anjeun tega tur milih anjeuna

Harepan nu urang tuh ahirna teu kasorang

Anjeun jalir duh jungjunan

Meulit na emutan betah na lamunan

Duriat urang nu kedah pepegatan

Kembang cinta urang

Gedag kaanginan musnah ilang

Nampi abdi Gusti najan peurih ati

Dalah kumaha ieu nu jadi putusan

Jodo jeung maotna

Bungah jeung sedih na

Wenang ti mantena

Meulit na emutan betah na lamunan

Duriat urang nu kedah pepegatan

Kembang cinta urang

Gedag kaanginan musnah ilang

Nampi abdi Gusti najan peurih ati

Dalah kumaha ieu nu jadi putusan

Jodo jeung maotna

Bungah jeung sedih na

Wenang ti mantena

Wenang ti mantena

More From Nazmi Nadia

See alllogo