Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh dikamanakeun
Genclang hérang cikahuripan,
di leuwi Sipatahunan
Diréka na papantunan,
kiwari ngan kari ngaran
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh dikamanakeun
Dongéng éndah katumbiri,
tarajé langit nu asri
Widadari turun mandi,
lumungsur ti kahiangan
Gusti rumasa diri gagabah
Ngagadabah alam éndah kagungan Gusti
Gusti kiwari gunung bulistir
Nu tinggal caah jeung banjir
Ampun Gusti ampun.....
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh dikamanakeun
Genclang hérang cikahuripan,
di leuwi Sipatahunan
Diréka na papantunan,
kiwari ngan kari ngaran
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh dikamanakeun
Dongéng éndah katumbiri,
tarajé langit nu asri
Widadari turun mandi,
lumungsur ti kahiangan
Gusti rumasa diri gagabah
Ngagadabah alam éndah kagungan Gusti
Gusti kiwari gunung bulistir
Nu tinggal caah jeung banjir
Ampun Gusti ampun.....