Aduh bagja pisan
Narik ojég ngalarisan
Nu numpakna geulis pisan
Haté sok sésérédétan
Keur kasalemetan
Nu geulis kedah nyepengan
Sanés akang teu uyahan
Cunihin teu pisan pisan
Ulah sok ugal ugalan di jalan
Kebut kebutan keur jalan
Bisi balikna tinggal ngaran
Ulah sok ugal ugalan di jalan
Kebut kebutan keur jalan
Mun nabrak budak digarebugan
Ojég, ongkos ngajégang
Lamun ngojég ulah parebut penumpang
Ojég, ongkos ngajégang
Lamun ngojég tong bari mikiran hutang
Komo deui lamun narik bau AO
Nya dijamin penumpang nyebut nu gélo
Aduh bagja pisan
Narik ojég ngalarisan
Nu numpakna geulis pisan
Haté sok sésérédétan
Keur kasalemetan
Nu geulis kedah nyepengan
Sanés akang teu uyahan
Cunihin teu pisan pisan
Ulah sok ugal ugalan di jalan
Kebut kebutan keur jalan
Bisi balikna tinggal ngaran
Ulah sok ugal ugalan di jalan
Kebut kebutan keur jalan
Mun nabrak budak digarebugan
Ojég, ongkos ngajégang
Lamun ngojég ulah parebut penumpang
Ojég, ongkos ngajégang
Lamun ngojég tong bari mikiran hutang
Komo deui lamun narik bau AO
Nya dijamin penumpang nyebut nu gélo
Ojég, ongkos ngajégang
Lamun ngojég ulah parebut penumpang
Ojég, ongkos ngajégang
Lamun ngojég tong bari mikiran hutang
Komo deui lamun narik bau AO
Nya dijamin penumpang nyebut nu gélo