Teu wasa kedah ngantosan
Kantenan mun lami hasrat haté ngagedur
Hoyong pataréma dina soca
Sanaos sakiceup.....
Ieu haté teu puguh rasa
Da bongan kapalang nyaah
Mondok gé teu tibra kantenan ngimpén
Simpé.....
Sok hoyong ngébatkeun lamunan anjeun
Nu sakitu antengna ngogo teuteupan
Sok hoyong ngieuhkeun ieu kakangen
Tapi karasa asa leuwih kasiksa, nalangsa
Mun téa mah anjeun rék ngagoda
Duh geuning ku téga
Ieu haté teu puguh rasa
Da bongan kapalang nyaah
Mondok gé teu tibra kantenan ngimpén
Simpe.....
Sok hoyong ngébatkeun lamunan anjeun
Nu sakitu antengna ngogo teuteupan
Sok hoyong ngieuhkeun ieu kakangen
Tapi karasa asa leuwih kasiksa, nalangsa
Mun téa mah anjeun rék ngagoda
Duh... geuning ku téga