Salam Simpéy Katresna
Baraya Sedulur Sunda Salawasna
harita téh wanci pasosoré
na mangsa poé nu halodo panjang
ngalanglangan wétan kidul kota Bandung
bras ka kadungora lélés ogé kaliwatan
jog anjog ka kota Garut
loading heula…
Cikuray nangtawing haruman ngadago
guntur nambahan kapaur kuring harita
pédah panggih jeung manéhna anu geulis
di Cipanas pisan
pada-pada nge’eumkeun rasa
maling toél oncon panon
kuring téh kataji pisan
anjeun lir inteung gumilang
luyu jeung lanian kotana
Garut kota intan pangirutan
manis lir siga dodolna
kare’eut ninggal imutna
sok sanajan teubih
kuring mah manteung mihéman
Mojang.Bandung, créatorna
Mojang.Bageur, éditorna
Gus.KEHED.Bageur, nu'ngunggah
Cikuray nangtawing haruman ngadago
guntur nambahan kapaur kuring harita
pédah panggih jeung manéhna anu geulis
di Cipanas pisan
pada-pada nge’eumkeun rasa
maling toél oncon panon
kuring téh kataji pisan
anjeun lir inteung gumilang
luyu jeung lanian kotana
Garut kota intan pangirutan
manis lir siga dodolna
kare’eut ninggal imutna
sok sanajan teubih
kuring mah manteung mihéman
anjeun lir inteung gumilang
luyu jeung lanian kotana
Garut kota intan pangirutan
manis lir siga dodolna
kare’eut ninggal imutna
sok sanajan teubih
kuring mah manteung mihéman
hatur nuhun