Kliningan Sunda BULAN MADU? APLOAD : APANA JIMAT BOGOR
Salam simpay katresna Sunda Salawasna?
Peuting ieu Kuring tepung Jeung NU asih...
Silih simbeuh katresna nepungkeun deudeuh geuning....
Bari neuteup Dina lolongkrangna kiceup....
Urang sawang lalangse anu rek Enteup....
Peuting ieu bulan teh nyaangan deui....
Ngagupayan NU teu weleh mere jangji geuning....
Atos lawas miasih nu keur wawangi....
Rek sumerah KA panutan NU geus resmi....
Bulan madu NU tileum kabawa peuting....
Cinta Tresna NU bisa mepende Kuring....
Rasa Bagja da puguh Aya nu nyanding....
Buah hate geuning Ayeuna Atos kacangking....
Hawar hawar angin lirih ngagalendotan....
Ngaharewos Carita asih Munggaran geuning....
Kuring jangji Sagala NU karandapan....
Rasa Deudeuh sing ngajadi kabagjaan....
Haleuang Alok Sakedapan Baraya
Bulan numawa hareupan....
Keur urang paduduaan....
Bulan madu Nu keur disorang....
Mo Aya nu ngahalangan.....
Peuting anu jadi saksi....
Cinta urang nu mimiti....
Kiwari ngajadi bukti....
Ngahiji ngajatukrami....
Peuting ieu Kuring tepung Jeung NU asih...
Silih simbeuh katresna nepungkeun deudeuh geuning....
Bari neuteup Dina lolongkrangna kiceup....
Urang sawang lalangse anu rek Enteup....
CAG : APANA JIMAT BOGOR