menu-iconlogo
huatong
huatong
avatar

Angin Priangan Mang Koko

Mae Nurhayatihuatong
om_kohlihuatong
Letras
Grabaciones
Seungit angin priangan

Ngusapan embun embunan

Duh embun embunan

Hawar hawar rerendahan ngahariring

ayun ambing, ayun ambing

Seungit angin kahiangan

sumerep na lelembutan

duh na lelembutan

hawar hawar rerendahan ngahariring

Eling eling mangka eling

Dengkleung dengdek, Dengkleung dengdek

Sisi lamping

Anu dewek, enya anu kuring

Tanah wasiat, tanah duriat

Anu matak tibelat na rarasaan

Dengkleung dengdek, Dengkleung dengdek

Sisi lamping

Anu dewek, enya anu kuring

Tanah katresna

Jadi sarakan

Anu tetep marengan

Na lelembutan

Seungit angin priangan

Ngusapan embun embunan

Duh embun embunan

Hawar hawar rerendahan ngahariring

ayun ambing, ayun ambing

Seungit angin kahiangan

sumerep na lelembutan

duh na lelembutan

hawar hawar rerendahan ngahariring

Eling eling mangka eling

Dengkleung dengdek, Dengkleung dengdek

Sisi lamping

Anu dewek, enya anu kuring

Tanah wasiat, tanah duriat

Anu matak tibelat na rarasaan

Dengkleung dengdek, Dengkleung dengdek

Sisi lamping

Anu dewek, enya anu kuring

Tanah katresna

Jadi sarakan

Anu tetep marengan

Na lelembutan

Más De Mae Nurhayati

Ver todologo

Te Podría Gustar