Bandung
Banondari, anu lucu,
bojo kakang anu geulis,
geuning,
anu geulis
Kadieu sakeudeung heula,
Akang rek mere pepeling,
aduh geulis ,
mere pepeling
Geura sambat indung bapa
samemeh akang pinasti
Duh, engkang
rungruman kalbu,
pupujan lahir jeung batin,
Gusti,
lahir jeung batin
Aya naon pangersa
tara tara ti sasari,
aduh Gusti,
teu tisasari
Nyauran ragrag cisoca
Abdi mah saredih teuing
Aduh, Enung anu ayu,
nu geulis pupujan Ati,
geuning..
pupujan ati
Akang tangtu ngababatang,
samemeh akang pinasti,
aduh geulis,
akang pinasti
Arek menta dihampura,
lahir tumekaning batin
(Kulu kulu Bem Panambih)
puguh oge ayeuna mah gamparan
kadiri abdi..
duuhhh...
nganggap teh lumayan pisan
abong kena seueur deui..
aduhhh..
nu punjul langkung ti abdi
nu puguh matak kaduhung
aduhhh....
nu puguh matak kaduhung
miasih ka sanes layan
buktina
geuning beureuwit dunungan
buktina geuning,
beureuwit...
najan awet mun rajet mah
matak bae geuring diri
lah tobaat...
abdi teu... kiat
nandangan bae ka peurih
kasedih..
teu euih euh...
ngumpul ngakandung
kabingung....
gandruuung....
laaahhhh....
dabongan kacida teuing alah..
kapungkur ..
gamparan janji
nalika
nembean tepang
laahh...alah..
cenah moal nyolowedor
geuning buktina ayeuna..
gamparan midua manah
cing emut sumpah ka pungkur
bilih awon balukarna
geuning
bilih awon balukarna....