Tengah peuting keur jemplang-jempling
Kuring nyaring, teu genah cicing
Haté melang sumoréang
Buah ati lawas teu patepang
Cuang-cieung, kuring sorangan
Nunggeulis di pangumbaraan
Lieuk deungeun, lieuk lain
Taya pisan geusan pamuntangan
Rék sasambat, ka saha nyanyambat?
Suwung dulur, walurat sobat
Sangsang badan, nitipkeun nya diri
Iwal ti ka Gusti Hyang Widhi
Hiliwirkeun, duh, angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Cuang-cieung, kuring sorangan
Nunggeulis di pangumbaraan
Lieuk deungeun, lieuk lain
Taya pisan geusan pamuntangan
Rék sasambat, ka saha nyanyambat?
Suwung dulur, walurat sobat
Sangsang badan, nitipkeun nya diri
Iwal ti ka Gusti Hyang Widhi
Hiliwirkeun, duh, angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing