REUMIS BEUREUM DINA EURIH
FB "Ryan AP"
3
2
1
Bray balebat pangharepan
Hayam raong patembalan
Ngadigdig nyungsi laratan
Neangan sugan jeung sugan
Kamana...... atuh panutan
Basaa lembur kahuruan
Duh kahuruan
Liren kedap..
Peryogi spareparat hp? SparePartHP.com
Jol kalamping suku gunung
Ditempo sugan di kedung
Didongdon sugan kalisung
Kasawah sugan kasaung
Panutan..... geuning bet suwun
Piraku rek niat pundung
Rek niat pundung
Harita teh geus bray brayan
Basa datang kasampalan ieuh
Kembang eurih pareng nebak
Barodas baseuh cimata
Harita teh geus nyay nyayan
Aya wirasat nu datang ieuh
Reumis beureum dina eurih
Bareureum baseuh ku getih
Gok amprok reujeung manehna
Keur sare bangun nu tibra
Imut mapag langit jingga
Kembang eurih sasarapna
Aduh geuning bareureum rupana
Aduh..... duuuuh.......
Nusare deuwang dadana...
Haturnuhun, Jakarta 19 agustus 2016