menu-iconlogo
logo

Nikmat Duriat

logo
Letras
Peuting harita

basa kuring jeung manehna

waktu patukeur carita

mere jangji jeung subaya

nu pinuh ku kaendahan

neundeun asih nu munggaran

duaan ngumbar lamunan

ngajak hirup babarengan

hanjakal nikmat duriat

teu sangka bet bisa pegat

horeng miyuni balebat

ngan ukur matak tibelat

teungteuingeun, ku harianeun

asih kuring nu dibikeun

teu nyana geuning leungiteun

horeng peuting nu manis panungtungan

Peuting harita

anu mawa kabagjaan

kaasih deudeuh katresna

hese mapalerkeunana

lila pisan rek janglarna

nyeri peurih salamina

panutan geuning teu sangka

horeng geus boga gantina

hanjakal nikmat duriat

teu sangka bet bisa pegat

horeng miyuni balebat

ngan ukur matak tibelat

teungteuingeun, ku harianeun

asih kuring nu dibikeun

teu nyana geuning leungiteun

horeng peuting nu manis panungtungan

Nikmat Duriat de Rita Tila - Letras y Covers