Cenah janji suci
Rek manjang langgeng abadi
Rasana kaasih
Moal rek udar pasini
Boro diri pasrah
Rek sumerah ka salira
Teu sangka anjeun geuning sulaya
Tapi na kiwari
Sanggeus asih matri ati
Najan nyiksa diri
Taya datang datang deui
Ninggalkeun mamanis
Nu robah jadi rurumit
Nyeuri nyeuri tur peurih na ati
Nista anjeun nista taya pisan papadana
Tega nyebarkeun peurah ka cinta
Nista anjeun nista taya pisan papadana
Nggeus nyiptakeun naraka asmara
Kanyeuri kapeurih
Kana kabohongan cinta
Teu weleh karasa
Nyiksa dina jero dada
Kanyeuri kapeurih
Kana kabohongan cinta
Teu weleh karasa
Peurih kana jero ati
Batin ceurik tur nalangsa
Tunggara taya pisan kendatna
Tapi na kiwari
Sanggeus asih matri ati
Najan nyiksa diri
Taya datang datang deui
Ninggalkeun mamanis
Nu robah jadi rurumit
Nyeuri nyeuri tur peurih na ati
Nista anjeun nista taya pisan papadana
Tega nyebarkeun peurah kacinta
Nista anjeun nista taya pisan papadana
Nggeus nyiptakeun naraka asmara
Kanyeuri kapeurih
Kana kabohongan cinta
Teu weleh karasa
Nyiksa dina jero dada
Kanyeuri kapeurih
Kana kabohongan cinta
Teu weleh karasa
Peurih kana jero ati
Batin ceurik tur nalangsa
Tunggara taya pisan kendatna
Kanyeuri kapeurih
Kana kabohongan cinta
Teu weleh karasa
Nyiksa dina jero dada
Kanyeuri kapeurih
Kana kabohongan cinta
Teu weleh karasa
Peurih kana jero ati
Batin ceurik tur nalangsa
Tunggara taya pisan kendatna
Kanyeuri kapeurih
Kana kabohongan cinta
Teu weleh karasa
Nyiksa dina jero dada
Kanyeuri kapeurih
Kana kabohongan cinta
Teu weleh karasa
Peurih kana jero ati
Batin ceurik tur nalangsa