Mata poe rek ngampih
tanda rek salin wanci
beurang rek naleukeum
ka peuting
cihcir tongeret recet
ngahudang balilu laleuwang
laun laun ka pi ati
cukang lantaran mah eta
sumeleket dina jero hate
pikir ngahudang brangka
kahayang biheung laksana
honcewang hate laleuwang
Sakapeung di pikir peurih
raga lir keuna ku peurah
anjeun nyieuhkeun hareupan
sanajan tacan patarema ucap
sok komo bari ngareka tresna
beut teu kuat manggihan imut
teu karasa hate kapincut
lalajung nguyung gandruung
sakitu laut reujeung ombakna
teu eureun ereun mere kugupay
ngogo teuteupan
naha anjeun..
beut kajongjonan
geura tampi....
kaasih diri
urang ngogokeun kasono
mepende hate
dina mega pangluhurna
laun laun ka pi ati
cukang lantaran mah eta
sumeleket dina jero hate
pikir ngahudang brangka
kahayang biheung laksana
honcewang hate laleuwang
Sakapeung di pikir peurih
raga lir keuna ku peurah
anjeun nyieuhkeun hareupan
sanajan tacan patarema ucap
sok komo bari ngareka tresna
beut teu kuat manggihan imut
teu karasa hate kapincut
lalajung... nguyung gandruung
sakitu laut reujeung ombakna
teu eureun ereun mere
kugupay ngogo teuteupan
Sakapeung di pikir peurih
raga lir keuna ku peurah
anjeun nyieuhkeun hareupan
sanajan tacan patarema ucap
sok komo bari ngareka tresna
beut teu kuat manggihan imut
teu karasa hate kapincut
lalajung... nguyung gandruung
sakitu laut reujeung ombakna
teu eureun ereun mere kugupay
ngogo teuteupan
naha anjeun..
beut kajongjonan
geura tampi....
kaasih diri
urang ngogokeun kasono
mepende hate
dina mega pangluhurna