Cinta, nu urang duaan
Lir kembang seungitna anu nyambuang
Meujeuhna mekar di taman ati
Ngahiasan endahna rasa
Sono, teu weleh pogot
Kacinta taya laasna
Teu weleh manteng kasalira unggal dinten
Nu ka impi unggal sonten
Mugia salawasna
Anjeun tetep cinta
Seja satia ngantosan
Dina waktosna
Urang silih pikanyaah
Geugeut deudeuh dina rangkulan
Cinta urang duaan
Sing lana manjang
Silih anteurkeun kadeueuh
Nu nyangreud pageuh
Sing ngajadi dugi ka pati
Sing laksana dugi ka jaga
Sono, teu weleh pogot
Kacinta taya laasna
Teu weleh manteng kasalira unggal dinten
Nu ka impi unggal sonten
Mugia salawasna
Anjeun tetep cinta
Seja satia ngantosan
Dina waktosna
Urang silih pikanyaah
Geugeut deudeh dina rangkulan
Cinta urang duaan
Sing lana manjang
Silih anteurkeun kadeueuh
Nunyangreud pageuh
Sing ngajadi dugi ka pati
Sing laksana dugi ka jaga