Aweuhan adzan ..
Wanci Magrib,
Saru tongeret Jeung cihcir..
Ngabangikngik..
Nganteur layung anu undur ..
Pikeun balik ..
Ka tempatna..
Jumerit diri ..
Abdi ka Gusti
Ka Allah nu maha Agung ..
Anu terus .. ngulung,
Ngulung kaduhung ..
Ngulang ngulang tincak..
Dina jalan salah..
Kamana ..
Jeung kudu kasaha,
Naleukeumna ieu diri
Mun seug iman sateguh Abu Bakar
Sahabat Nabi, nu taat ka Gusti..
Ya. . Allah ..
Ya Rabbul Izati
Hapunten Sagala lepat
Kebat diri, seja Tobat ..
Nete kecap Shirothol Mustaqim...
Jumerit diri ..
Abdi ka Gusti
Ka Allah nu maha Agung ..
Anu terus .. ngulung,
Ngulung kaduhung ..
Ngulang ngulang tincak..
Dina jalan salah..
Kamana ...
Jeung kudu kasaha
Naleukeumna ieu diri
Mun seug iman sateguh Abu Bakar
Sahabat Nabi, nu taat ka Gusti..
Ya. . Allah ..
Ya Rabbul Izati
Hapunten Sagala lepat
Kebat diri, seja Tobat ..
Nete kecap Shirothol Mustaqim...