Gening ku teu di sangka
Duriat nya kudu papegat
Rumah tangga anu geus lila
Kiwari kantun waasna
Memang akang can bisa
Nedunan kahoyong salira
Lain teu hayang kawas nu lian
Nendeun waktu jadi ukuran
Da buktina pegat duriat
Dalah kudu di kumahakeun
Memang takdir kedah papisah
Mungguh kadar kedah paturay
Nitip buah kacinta
Sing bisa ngariksa nepika jaga
Nitip buah kacinta
Ulah rek di sapirakeun
Akang mah ngan ukur bisa ngadu'a
Mugi anjeun sing enggal pinanggih bagja
Sanajan urang geus lain lainna
Tapi tali hubungan ulah rek pegat
Memang akang can bisa
Nedunan kahoyong salira
Lain teu hayang kawas nu lian
Nendeun waktu jadi ukuran
Da buktina pegat duriat
Dalah kudu di kumahakeun
Memang takdir kedah papisah
Mungguh kadar kedah paturay
Nitip buah kacinta
Sing bisa ngariksa nepika jaga
Nitip buah kacinta
Ulah rek di sapirakeun
Akang mah ngan ukur bisa ngadu'a
Mugi anjeun sing enggal pinanggih bagja
Sanajan urang geus lain lainna
Tapi tali hubungan ulah rek pegat