KLININGAN SUNDA SERAT SALIRA
APLOAD : APANA JIMAT BOGOR
MICINTA GALINDEUNG SUNDA
PRUNG GOLOSOOOOOOOOOOR
Serat Salira
Weungi tadi tos katampi.
Kanteunan Jungjunan
Kantenan mungguh ewuh na
Teu sangki serat katresna
Sabudeureun cinta urang
Geuningan lepat dugaan
Mundut mundur pipisahan
Serat salira
Dina jajaran kalima
Unggeul na teu wasa
Mun kedah midua hate
Teu sapuk sareng aturan
Sok sieun teu kabadanan
Cangcaya moal laksana
Mendak bagja sasarengan
Teu nanaon jungjunan teu nanaon
Mun kitu kapalay salira
Lelembutan nu ceurik ngeukeupan diri
Teungteuingeun tega teh kamalinaan
Nu munggaran urang tepung luhur panggung
Sutra ganas nu nyacas Kiwari kantun ngaheulas
Imut imut nu kamari teuteup surti Nu Kamari
Ayeuna duka kumaha Majar urang pileuleuyan
HALEUANG ALOK SAKEDAPAN
Ngala antanan ka jami
Daun pulus dilulunan
Hoream ku dumeh lami
Sugan tulus lalaunan
Kumaha mayungannana
Sangkan ulah kahujanan
Kumaha nulungannana
Sangkan ulah kaedanan
MANGGA DILAJEUNG DULUUR
Serat Salira
Weungi tadi tos katampi.
Kanteunan Jungjunan
Kantenan mungguh ewuh na
Teu sangki serat katresna
Sabudeureun cinta urang
Geuningan lepat dugaan
Mundut mundur pipisahan
Teu nanaon jungjunan teu nanaon
Mun kitu kapalay salira
Lelembutan nu ceurik ngeukeupan diri
Teungteuingeun tega teh kamalinaan
Nu munggaran urang tepung luhur panggung
Sutra ganas nu nyacas Kiwari kantun ngaheulas
Imut imut nu kamari teuteup surti Nu Kamari
Ayeuna duka kumaha Majar urang pileuleuyan
CAG : APANA JIMAT BOGOR
MICINTA GALINDEUNG SUNDA