Panonna alus,
irung alus,
biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir,
mani mulus
Ngan hanjakal pisan,
kalakuan siga sétan
Gunta-ganti jalu,
teu sirikna unggal minggu
Naha kunaon nu geulis
loba nu bangor?
Naha kunaon nu bangor
loba nu geulis?
Siganamah ngarasa
asa aing hadé rupa
Bisa payu ka sasaha,
tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh bet dimumurah?
Géblég, hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju
Panonna alus,
irung alus,
biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir,
mani mulus
Ngan hanjakal pisan,
kalakuan siga sétan
Gunta-ganti jalu,
teu sirikna unggal minggu
Naha kunaon nu geulis
loba nu bangor?
Naha kunaon nu bangor
loba nu geulis?
Siganamah ngarasa
asa aing hadé rupa
Bisa payu ka sasaha,
tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir, konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh bet dimumurah?
Géblég, hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju
Kulit kelir, konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh bet dimumurah?
Géblég, hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju