Mun diri tetep miasih
Teu beunang di papalerkeun
Ngarep- ngarep tepang deui
Ceuk hate rek mere jangji
Mun diri tetep miheman
Hate asa kumalayang
Sakapeung ngarasa aneh
Teu kiat nandang tibelat
Iraha tepang aduh
Akang teu weleh ngantosan
Kedah tepang dimana
Kedah tepang iraha
Ah iraha tepang
Naha tos poho aduh
Abdi mah teu weleh sono
Hate melang hariwang
Teu weleh kapiraray
Ah iraha tepang
Mun diri tetep miheman
Hate asa kumalayang
Sakapeung ngarasa aneh
Teu kiat nandang tibelat
Iraha tepang aduh
Abdi teu weleh ngantosan
Kedah tepang dimana
Kedah sabar ngantosan
Ah iraha tepang
Naha tos poho aduh
Akang mah teu weleh sono
Hate melang hariwang
Teu weleh kapiraray
Ah iraha tepang