Tresna mekar ieung
Di Dago Pakar
Tukeur paheut
Jangji bakal sauyunan
Tepung rempug
Jajantung reujeung jajantung
Awor jadi hiji
Ngaruntuy lir buah kawung...
Ricitna manuk
Jeung seorna angin
Meulit asih ngahariring
Oyagna dahan
Ngusikeun rema panangan
Silih cepeng leumpang mapay
Kaendahan...
Dago Pakar
Geus nganteur ka pangantenan...
Dago Pakar
Langgeung nyantel na ingetan...
Ceuk beja ceunah ceuk beja
Dago Pakar ngarekahan
Ceuk beja cenah ceuk beja
Dago Pakar ganti ngaran...
Kuring wakca
Ngahaja arek balaka
Sugan angin
Wasaeun nepikeun sora
Pangbejakeun
Ka guha nu basa eta
Jeung manehna kuring bagja
Hirup di tempat ngumbara...
Tresna Mekar Ieuh
Di dago pakar
Tuker paheut
Janji bakal sauyunan
Tepung Rempug
Jajantung reujeung jajantung
Awor jadi hiji
Ngaruntuy lir buah kawung...
Ricitna manuk
Jeung seorna angin
Meulit asih ngahariring
Oyagna dahan
Ngusikeun rema panangan
Silih cepeng leumpang mapay
Kaendahan...
Dago Pakar
Geus nganteur ka pangantenan...
Dago Pakar
Langgeng nyantel na ingetan...
Ceuk beja cenah ceuk beja
Dago Pakar ngarekahan
Ceuk beja cenah ceuk beja
Dago Pakar ganti ngaran...
Kuring wakca
Ngahaja arek balaka
Sugan angin
Wasaeun nepikeun sora
Pangbejakeun
Ka guha nu basa eta
Jeung manehna kuring bagja
Hirup di tempat ngumbara...