Teungteuingeun kunaon ngantunkeun abdi
Teungteuingeun naon kalepatan diri
Unggal dinten henteu weléh ngantosan
Mugi sing énggal mulih deui
Siang wengi haté abdi téh bimbang
Ngémutan panutan anu ilang
Abdi sono tos lami teu patepang
Duh teu kiat nandangannana
Émutkeun urang kapungkur
Keur sareng sahuap lingkung
Sakitu geuning layeutna
Nya'ah teu aya papadanna
Teungteuingeun kunaon ngantunkeun abdi
Teungteuingeun naon kalepatan diri
Unggal dinten henteu weléh ngantosan
Mugi sing énggal mulih deui
Siang wengi haté abdi téh bimbang
Ngémutan panutan anu ilang
Abdi sono tos lami teu patepang
Duh teu kiat nandangannana
Émutkeun urang kapungkur
Keur sareng sahuap lingkung
Sakitu geuning layeutna
Nya'ah teu aya papadanna
Teungteuingeun kunaon ngantunkeun abdi
Teungteuingeun naon kalepatan diri
Unggal dinten henteu weléh ngantosan
Mugi sing énggal mulih deui
Mugi sing énggal mulih deui