Kuharianeun hayam jago
Teu nyoara wanci janari
Di gupayna ku indung peuting
Lain wayah kongkorongok tengah peuting
Duh bulan ngan kari sapasi
Nyaangan mangsa sepi jempling
Cihcir ngadango luhur pasir
Disada bewara prak geura eling
Balebat carangcang tihang
Ngajak nu keur haneut moyan
Bewara katengah poe
Hirup ulah kajongjonan
Sariak layung tigunung
Mapag jalan pabuburit
Ngabejaan ieu alam inggis
Arek pamit
Balebat ngagurat langit
Sumirat maratan jagat
Beurang geus ganti kaburit
Sasar diri mungguh tobat
Sariak layung tigunung
Muntang eling kanu agung
Kingkilaban duh kingkilaban
Nyoreang jalan ka pasir
Bewara geus ngabejaan
Tong talangke loba zikir
Sariak layung ngagebur
Rek nyaangan alam kubur
Duh bulan ngan kari sapasi
Nyaangan mangsa sepi jempling
Cihcir ngadango luhur pasir
Disada bewara prak geura eling
Balebat carangcang tihang
Ngajak nu keur haneut moyan
Bewara katengah poe
Hirup ulah kajongjonan
Sariak layung tigunung
Mapag jalan pabuburit
Ngabejaan ieu alam inggis
Arek pamit
Balebat ngagurat langit
Sumirat maratan jagat
Beurang geus ganti kaburit
Sasar diri mungguh tobat
Sariak layung tigunung
Muntang eling kanu agung
Kingkilaban duh kingkilaban
Nyoreang jalan ka pasir
Bewara geus ngabejaan
Tong talangke loba zikir
Sariak layung ngagebur
Rek nyaangan alam kubur