Bulan sapasi siga nyaksi diri abdi
Pias-pias sagala paningal
Katambias gé panginten
Angin asih nu bihari
Teu deui ngalusan diri
Digentos ku angin bajra
Matak sedih jeung nalangsa
Harepan kiwari ukur harepan
Da béntang di langit masih baranang
Harepan sugan sing jadi putusan
Da engkang masih osok néang datang
Aduh, aduh matak paur
Lamun diri katalanjur
Sanajan diri tinggal sapasi
Alim jadi laip diri
Bulan sapasi siga nyaksi diri abdi
Pias-pias sagala paningal
Katambias gé panginten
Angin asih nu bihari
Teu deui ngalusan diri
Digentos ku angin bajra
Matak sedih jeung nalangsa
Harepan kiwari ukur harepan
Da béntang di langit masih baranang
Harepan sugan sing jadi putusan
Da engkang masih osok néang datang
Aduh, aduh matak paur
Lamun diri katalanjur
Sanajan diri tinggal sapasi
Alim jadi laip diri
Hatur Nuhun