Kedah kumaha..
mapalerkeun ieu hate
dumadakan
ka anjeuna ngan nyantel bae
hiji~ kamelang
mitineung hiji pudunan
nu katelah
pudunan..Cikole pisan.
lebah dinya
salira mentangkeun kelet
bari imut..
nembus rasa sumeleket
sasauran...
candael pikaisineun
mun tos hereuy..
teu sangka pikayungyuneun..
hate rumegag
asa asa teu percaya
jantung rumajug
atoh dinarung dag dig dug
nu dipicinta
nguping wartos mikacinta
nu dipicangcang
ngaharewos mikaheman..
langit lenglang
bulan ngempray
rasa bungangang
tepang tresna dipudunan
dinteun ieu..
cikole kaliliwatan
dinteun enjing
urang bakal deui tepang
Salam Santun ka urang sunda
Kedah kumaha..
mapalerkeun ieu hate
dumadakan ~
ka anjeuna ngan nyantel bae
hiji ~kamelang
mitineung hiji pudunan
nu katelah
pudunan..Cikole pisan.
lebah dinya
salira mentangkeun kelet
bari imut
tembus rasa sumeleket
sasauran...
candael pikaisineun
mun tos hereuy..
teu sangka
pikayungyuneun..
hate rumegag
asa asa teu percaya
jantung rumajug
atoh dinarung dag dig dug
nu dipicinta
nguping wartos mikacinta
nu dipicangcam
ngaharewos mikaheman..
langit lenglang
bulan ngempray
rasa bungangang
tepang tresna dipudunan
dinteun tadi
cikole kaliliwatan
dinteun enjing
urang bakal deui tepang