menu-iconlogo
logo

Karatagan Pahlawan

logo
Lirik
Teu honcewang.. sumoreang

Tekadna pahlawan bangsa

Cadu mundur.. pantrang mulang

Mun maksud tacan 'laksana

Berjuang keur.. lemah cai

Lali rabi, tur 'tegang 'pati

Taya basa menta pamulang tarima

Iklas, rido, keur korban merdeka

Sinatria.. danalaga

Bela bangsa jeung nagara

Dibarengan.. tekad suci

Berjuang keur Lemah cai'

Teu ngingetkeun.. ka dirina

Asal nagri bangsa 'waluya

Kadar jembar raharja mukti wibawa

Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

Teu honcewang.. sumoreang

Tekadna pahlawan bangsa

Cadu mundur.. pantrang mulang

Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur.. lemah cai

Lali rabi, tur tegang pati'

Taya basa menta pamulang tarima

Iklas, rido, keur korban merdeka

Karatagan Pahlawan oleh lagu daerah jawa barat - Lirik & Cover