Hujan ge aya raatna
Panas ge aya iuhna
Reup peuting bray beurang
Titis tulis geus suratan
Diri lain lir boneka
Di kekeweuk sakarepna
Boga rasa harga diri
Sabar ge aya batesna
Lamun enya geus teu cinta
ulah aya tanda tanya
Kamana cintana kamana asihna
Kamana dimana kamana nya pindahna
Kamana duuuh cinta na
Kamana deudeuhna kamana hemanna
Kamana dimana kamana nya nyampaina
Kamana duh deudeuhna
Lamun enya geus teu aya cinta
ulah aya rasa dipaksa
Lamun enya geus teu aya cinta
hate leutik saksina
Diri lain lir boneka
Di kekeweuk sakarepna
Boga rasa harga diri
Sabar ge aya batesna
Lamun enya geus teu cinta
ulah aya tanda tanya
Kamana cintana kamana asihna
Kamana dimana kamana nya pindahna
Kamana duuuh cinta na
Kamana deudeuhna kamana hemanna
Kamana dimana kamana nya nyampaina
Kamana duh deudeuhna
Lamun enya geus teu aya cinta
ulah aya rasa dipaksa
Lamun enya geus teu aya cinta
hate leutik saksina