Pupusna hareupan
dedeuh cinta urang
firasat aya nu lian
Anjeun mah sulaya
pinuh sandiwara
boa anjeun pindah rasa
Kungsi matri jangji
satia saati
mugia sing paheut deui
Hate nu honcewang
waas neteup bulan
estu ngantos anjeun mulang
Geulis sing percaya
akang mah satia
tuh bulan bentang saksina
Najan anggang raga
kahalang sagara
Mung Anjeun nu di picinta
Jangji nu kamari
teu kungsi kaganti
pageuh teu laas ku wanci
Tebih dina soca
mung cakeut di du'a
cinta urang salamina..
Mana jangji akang nubaheula
Mana sumpah engkang nu bihari
Hanas abdi nganti siang wengi
Horeng ngan ukur merehareupan
Luhurna gunung moal matak
jadi kabendung
Lega sagara,
teu bisa megatkeun rasa
Eta jangji akang sautuhna..
Tuh bulan saksina..
tuh bentang saksina..
Sumpah jangji dugi ka ahir dunya
Tuh bulan saksina mawa beja
Asih urang geuning ditungtung
carita
Bentang teu nyarengan
ningalkeun hate nu melang
Ukur ka anjeun diri neundeun
hareupan
Duh mugi Gusti kiatkeun diri
Tali a'sih urang sing janten
ngahiji
Najan lobana gogoda
tumiba ka diri
Ukur anjeun nu jadi cinta sajati
Mana jangji akang nubaheula
Mana sumpah engkang nu bihari
Hanas abdi nganti siang wengi
Horeng ngan ukur merehareupan
Luhurna gunung moal matak
jadi kabendung
Lega sagara
teubisa megatkeun rasa
Eta jangji akang sautuhna..
Tuh bulan saksina..
tuh bentang saksina..
Sumpah jangji dugi kaahir dunya
Tuh bulan saksina mawa beja
Asih urang geuning ditungtung
carita
Bentang teu nyarengan
ningalkeun hate nu melang
Ukur ka anjeun
diri neundeun hareupan
Duh mugi Gusti kiatkeun diri
Tali asih urang sing janten
ngahiji
Najan lobana gogoda
tumiba ka diri
Ukur anjeun nu jadi cinta sajati
Tuh bulan saksina mawa beja
Asih urang geuning ditungtung
carita
Bentang teu nyarengan
ningalkeun hate nu melang
Ukur ka anjeun
diri neundeun hareupan
Duh mugi Gusti kiatkeun diri
Tali asih urang sing janten
ngahiji
Najan lobana gogoda
tumiba ka diri
Ukur anjeun nu jadi cinta sajati