Jang
Hirup teh teu gampang
Teu cukup Kudipikiran
Tapi bari dilakonan
Jang
Jalan kahirupan
Heunteu sapanjangna datar
Aya mudun
Jeung tanjakan
Kudu sabar Dina kurang
Ulah neupak Dada beunghar
Salawasna Kudu syukur
Eling kanu Maha agung
Kade hidep Bisi kufur
Jang
Cing jadi Jalma hade
Cing jadi Jelema gede
Beunghar harta Jemar hate
Jang
Hidep cing Ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh Ti ulama
Nyobat sareng Ahli tobat
Dalit sareng Para kiai
Hirup keuna
Ku owah gingsir
Ngarah aya
Anu ngageuing
Mangsa lengkah Ninggang salah
Cing pinter Tur bener
Cing jujur Tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup
Loba dulur
Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akhirat
Jang...jang...
Cing jadi
Jalma sholeh
Jang
Cing jadi Jalma hade
Cing jadi Jelema gede
Beunghar harta Jemar hate
Jang
Hidep cing ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh
Ti ulama
Nyobat sareng Ahli tobat
Dalit sareng Para kiai
Hirup keuna
Ku owah gingsir
Ngarah aya
Anu ngageuing
Mangsa lengkah Ninggang salah
Cing pinter Tur bener
Cing jujur Tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup
Loba dulur
Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja
Salamet
Dunia akherat
Jang...jang...
Cing jadi
Jalma sholeh
Cing pinter Tur bener
Cing jujur Tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup
Loba dulur
Raksa ucap langkah
tekad jeung tabe'at
ngarah
Pinanggih bagja
salamet
Dunia akhirat
Jang...jang...
Cing jadi
Jalma sholeh
Jang...jang...
Hidep cing sholeh