Satadina
Sugan teh moal rek cidra
Boro betah
Mikanyaah mikacinta
Kamanehna
Kuring geus asa miboga
Geuning
Asih teh lain nu kuring
Katresna gancang luncatna
Milih nu lian
Diri kuring
ibarat cukang wahangan
Dipake meuntas
Pikeun nyorang paniatan
Batin sedih
Duh nyeri kaliwat saking
Peurih
Asa diturih ku hinis
Asa ditirug jajantung
Ngalanglayung
Anjeun, datang deui
Sanggeus, meunang kanyeri
Tapi hate, teu narima
Kanyeri asa can bari
Bongan, anjeun tega
Ngulinkeun, rasa kacinta
Asih, nu mimiti
Pukah, teu puguh salah
Pegat beurat duriat
Anjeun mah jongjon miheman
Diri kuring
ibarat cukang wahangan
Dipake meuntas
Pikeun nyorang paniatan
Batin sedih
Duh nyeri kaliwat saking
Peurih
Asa diturih kuhinis
Asa ditirug jajantung
Ngalanglayung
Anjeun, datang deui
Sanggeus, meunang kanyeri
Tapi hate, teu narima
Kanyeri asa can bari
Bongan, anjeun tega
Ngulinkeun rasa kacinta
Asih, numimiti
Pukah, teu puguh salah
Pegat beurat duriat
Anjeun mah jongjon miheman